Protokol MC Bahasa Sunda Mudah untuk dihapal


Intro
Mangrupikeun perhatosan kanggo sadaya hadirin wal hadiroh
insyaalloh acara bade dikawitan,
mangga korsi anu palih payun tiasa dilebetan.
hatur nuhun.
------------
Pembukaan
Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh
Bismillah, alhmadulillah
wassolatu wassalamu 'ala rosulillah

Allohumma solli wasallim 'ala sayyidina Muahammadibni Abdillah
Wa 'ala alihi wasohbihi wa maw walah.

Qolallohu ta'ala
Laqod kaan lakum fi rosulillahi uswatun hasanah

amma ba'du

Puji Sinareng hayu urang sami panjatkeun ka Alloh Subhanahu Wa Ta'ala anu maha Ghofur,
pamugia sholawat miwah salam dikucur golontorkeun ka kanjeng nabi Muhammad ..... (SAW)
kulawargina, para sohabatna, oge urang sadayana salaku ummat. Aamin Ya Alloh yarobbal 'alamin


Bapak Mubaligh anu ku sim kuring dipikahormat, Bapak Kuwu anu hormaten sim kuring, Bapak Golongan, Bapak RW Bapak RT oge hormateun sim kuring. Teu hilap re'ng re'ngan panitia peringatan Maulid Nabi di Masjid...... anu sami ku sim kuring di pikahormat.

Hadirin wal hadirot kaumal muslimin wal muslimat rohima kumullah.

Alhamdulillah wengi ieu, urang sadayana tiasa sami-sami nyumpingan acara peringatan maulid nabi muhammad saw dina kaayaan sehat wal afiat.

Hadirin Rohima kumullah, sateuacan kana acara inti,
sim kuring bade ngadugikeun susunan acara Peringatan Maulid Nabi Muhammad SAW 1441 H wengi ieu, diantawisna

Kahiji. Pembukaan
Diteraskeun Pembacaan Ayat Suci Al Qur'an anu bade di aoskeun ke pangersa al ustadz....
Acara anu katilu tawassul anu bade dipimpin ku kang pangersa al mukarom....
Teras anu ka opat sambutan-sambutan
Salajengna acara Inti mangrupi Ceramah Dakwah Islam anu bade didugikeun ku Al Mukarom KH....
anu terakhir do'a /tutup

Kukituna supados teu nyangkolong kana waktos hayu urang kawitan ieu acara, ku aosan BASMALLAH...

acara anu salajengnya pembacaan ayat suci al qur'an anu bade didugikeun.......
ka  anjeuna waktos mangga disayogikeun.

Post a Comment

Previous Post Next Post